conto teks biantara NYAMBUT SUMPAH PAMUDA



Pance’n Basa Sunda
BIANTARA NYAMBUT SUMPAH PAMUDA
Assalamualaikum wr.wb
Para saderek sabangsa jeung sanagara,
    Dinten ieu teh tanggal 28 Oktober nu sok disebut hari Sumpah Pemuda,urang sambut hari Sumpah Pemuda ieu ku syukur ka hadirat Illahi Robbi.Muga-muga Allah masihan barkah ka nagara urang,sarta tetep nagara urang aya dina beungkeutan persatuan npi ka akhir jaman.
    Ku ngayakeun peringetan kana Hari Sumpah Pamuda ieu,hayu urang babarengan ningkatkeun katakwaan urang ka Allah SWT,NYAETA DI ANTARANA NGAMALKEUN Ilrar Sumpah Pamuda 28 Oktober 1928.
    Urang bangsa Indonesia hususna pamuda Indonesia ngabogaan kawajiban jeung tanggung jawab ngabina kasatuan Nagara,bangsa,jeung bahasa.pamuda the kudu ngabogaan sifat anu teu babari putus asa,jeung pantang mundur.pamuda oge kudu ngabogaan daya cipta boga rencana jeung pinuh inisiatif pikeun kamaslahatan umat,kudu boga kakuatan prsatuan jeung kasatuan lehir jeung batin diantara sasamana.
    Jadi anu disebut pamuda teh teu kawengku ku watek umur,tapi nu nangtukeun pamuda teh nyaeta sifat-sifat anu aya dina dirina.pikeun pamuda Indonesia geus sapantesna urang ngabogaan eta sifat-sifat,sarta ngamalkeunana,tangtu nagara urang bakal leuwih maju jeung bahagia.”dina leungeun pamuda ayana tanggung jawab sagala urusan kahirupan,jeung kahirupan hiji bansagumantum kana maju mundurna pamuda di eta nagara”
    Berkahna tina hasil perjuangan rakyat jeung pamuda Indonesia kiwari kudu dibuktikeun ku nigkatkeun pembanunan di sagala widang.
sakitu wae anu tiasa didugikeun ku simkuring hapunten bilih aya kalepatan,
wassalamualaikum wr.wb

Komentar

Posting Komentar